Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
53

ka djalma oedjoeb rija, pirang-pirang djalma boga rasa hade, pintěr, kasep, bědas, tapi sačnjana mah banteu pisan-pisan, noe leuwih mah ngan goesti Allah.


72.

TJAREUH KADOEWA ANAK.


Aja tjareuh kadoewa anak, ti peuting asoep kana parandje bajam, seubeuh rjatoean, djago, bikang djeung anak-anakna geus patoelajah. Tjareuh anak sědja mejakkeun hajam saparandje, bapana njarek: Karep manch kitoe hanteu hade, rewog sarla hawěk, hanteu nijat ngagehan, pedah aing geus kolot njaho di hade goreng, djadi leuwih bade montong dibejakkeun kabeh, anggoer balikan deui bae peuting isoek. Anakna ngawangsoelan: Karep koelamah rek dibejakkeun ajeuna bae, lamoen kitoe karep bapa lain pinter, asoep bodo, karana lamoen peuting isoek dibalikan deui, tangtoe noe boga ingon-ingon ijeu geus tjaringtjing, sabab geus njahoeun lampah oerang ajeuna, tangtoe isoekan mah ngintip, ngarah ka oerang; koela mah soepaja seubeuh ajeuna bae, kapake dalapan poweeun hajang njatoe. Sanggeus ngomong kitoe, pada ngaladjoer karepna, tjareuh anak rosa njatoeannana, hejak ka toelang-toelangna, něpi ka kaměrkaän, toeloej pach. Tjareuh kolot toeloej balik, ari reup peuting balik deui kana parandje tadi teh, sědja ngadjoedjoer karěpna, noe boga parandje geus. tjaringtjing, njoempoet di balik panto lawang parandje teja, bareng rek bidjil, tjareuh teh diteunggeul toeloej paeh.

Hartina ijeu dongeng: djalma sapangkat-pangkat oemoerna pada boga katjatjad: noe ngora tara seubeuh koe kaboengahan, karepna ngan hajang seubeuh saharita bae, arang-arang noe