Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
54

ngora mikirkeun ka bareup; noe kolot tara beunang diingětan koe noe ngora, rasa maneh geus reja loewang; noe kitoe pětana salah doewanana.



73.

BABASAN DJEUNG KAWIH.


Aja doewa boedak lalaki, pada tatangga bae, noe hidji ngaranna ki Sěntot, noe hidja deui ki Gombak. Ki Gombak reja kanjahona dina paribasa atawa woeroek-woeroek, koe ki Sěntot oge reja anoe ditoeroetan pamagahannana ki Gombak, sarta ki Sěntot mah lain ngadji paribasa bae sarta djeung pek dilampahkeunnana. Lain tjara ki Gombak, reměn ngomong, kijeu pokna:Isoek-isoek hade pisan lamoen digawe. Tatapi oenggal isoek bae ki Gombak sok hoedang kabeurangan. Djeung deui rěměn ngomong kijeu: „Boedak daekan běběrěsih, tangtoe dipikaäsih koe pada djělěma;" tatapi ki Gombak ana ka iskola sok make badjoe bělěwoek (roto), matak idjid anoe nendjo. Djeung sok ngomong kijeu: „djělěma těměn wěkěl matak djadi kaboengahan;" tatapi manehna moemoelan tara digawe.

Hartina dongeng ijeu: lamoen boga kabisa atawa kanjaho, diomongkeun bae hanteu djeung pek dilampahkeun, tjoemah taja pedahna, ari hadena piwoeroek atawa omong anoe hade, eta koedoe djeung dilakonan, soepaja kapanggih pihasileunnana.



74.

TANGKAL BOEWAH.


Aja doewa boedak lalaki, ngaranna noe hidji ki Sardi, noe hidji deui ki Djěndoel, rek oelin ka pilěmboeran. Bareng deukeut ka lěmboer anoe disědja, manggih aki-aki. keur mělak pětetan boewah di pakarangannana sorangan,