Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55

sěmoena saregěp katjida. Ki Sardi ngomong ka batoerna, pokna: Djendoel tendjo aja aki-aki keur mělak tatangkalan noe tanggěl piboewahaneunnana, taksiran kami eta aki-aki oemoerna geus liwat tina dalapan poeloeh taoen, tapi boga pikir ngarep-ngarep dadaharan boewah eta noe keur dipělakkeun; karep noe tjara kitoe tanggěl pisan. Sanggeus ngomong kitoe, ki Sardi toeloej bae nanja ka aki-aki teja, ari pokna: Aki, eta pagawean aki kitoe, rasa kawoela mah geus teu pantěs, leuwih hade serenkeun ka noe ngora bae, noe pandjang keneh oemoerna, soepaja kadagoan gědena sarta kapoeloek boewahna eta pěpělakan teh; ajeuna aki mělakkeun tatangkalan anoe tanggěl tjara kitoe, moal hasil, krana oemoer aki ngan kari saeutik deui, etá pěpělakan teh hamo kadahar koe aki. Aki-aki ngawangsoel: Lěrěs pisan kawoela geus kolot ta mah, nanging pikir kawoela, oepami kawoela paeh samemeh ijeu pěpělakan kawoela boewahan, sakersa Goesti Allah tangtoe djadi, krana Goesti Allah hanteu kasamaran, naon-naon anoe didjadikeun aja hikmatna, tapi kawoela ngalakonan wadjibna hiroep bae, toetoeloeng ka noe sedjen; djeung deui sampejan oge oelah mastikeun pandjang keneh oemoer, krana oenggal powe oge geus tangtoe koerang oemoer sampejan, mana ari hiroep meungpeung ngora keneh sampejan koedoe ngalampahkeun amal sae, soepaja oelah sijeun maot.

Hartina dongeng ijeu: djělěma hiroep koedoe běrsih, ari ngalampahkeun gawe koedoe noe aja pedahna, geus tangtoe aja hasilna, matak boengah di alam doenja, djeung teu sijeun paeh.


75.

PAMOEDJI.


Aja hidji boedak lalaki ngaranna ki tiloe wělas taoen, sědjana hajang djadi toekang mapas oemoer