Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

lawang imah koentji oelah mangka boeka, maneh geus rěměn diparentah kitoe, sok tara noeroet, soegan sakali ajeuna mah ngadenge kana parentah aing; lamoen teu dikoentji, bisi aja noe njajab, njokot barang dangdannan aing. Wangsoelan nji Měntik: Soemangga diestokeun pisan timbalan. Dalěm Toeměnggoeng toeloej angkat aměng-aměng; dalěm geus djĕngkar, nji Méntik toeloej ka soemoer ngala tjai, lawang-lawang boemi digěblagkeun bae tjara ka toekang-toekang, omong nji Měntik: „naha di loeloeroeng bět taja djělěma hidji-hidji atjan, anoe tembong; katjida teuing dalěm rempan manah. Sabot ngomong nji Měntik djeung boedak awewe di soemoer, aja ěmbe badot asoep ka djěro boemi, njampeurkeun kana eunteung gěde, noe nanggeuh kana bilik tembok; tembong roepa ěmbe di djěro eunteung, maroekan ěmbe enja, toeloej rek diteunggar, barěng ěmbe ēnja ngawahan, eta kalangkang na noeroetan, beuki tarik ěmbe énja teh neunggar katja, rěmoek pisan. Barěng nji Měntik rek balik ti soemoer, keur ngadjoengdjoeng kělenting, nji Měntik ngadenge sora noe ngagěmbrang sada katja, gantjang asoep ka boemi, ari nendjo kalja geus rěmoek, nji Měntik ngarameusan leungeun sorangan, toeloej ěmbe diboeboerak, sarta bari digěboegan, ari katja tea mah geus teu hade deui, tonggoj bae rěmoek.

Barĕng dalĕm Toeměnggoeng moelih, njondong katja geus rěmoek, bawaning bangět běndoena ka nji Měntik, toeloej bae ditoendoeng, sarta bajarannana teu dipaparinkeun, sabab djadi siksaän kana lalaworana, teu ngestokeun parentah, matak noengtoen bae karoeksakan. Watěs harita nji Méntik ati-atina tara koengsi dititah deui meundeutkeun lawang, tina geus kaboekti lalawora noe matak djadi balaina.

Paribasa: noe anom-anom kakara tjaringtjing djeung tambah pintěrna, koedoe geus manggih katiwasan.