Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

maneh tětěgaran dina kěbon kami, lamoen kapanggih deui koe kami tangtoe ditjékěl, dilaporkeun ka poelisi! Toekang giling ngawangsoel barina seuri: Soemangga bae ditjandak sareng dilaporkeun ka poelisi oge.

Bareng isoek toewan van den Brink ningali deui aja koeda loeloempatan dina oeroetna kamari; manahna toewan van den Brink dilawan koe toekang giling, toeloej miwarang njokot eta koeda sarta toeloej dibawa ka poelisi. Koe poelisi diděngda, minangka djadi hoekoeman anoe tambelar ka tjotjoöan, ngaroeksak kěbon batoer; eta děngdaän dikeunakeun ka toekang giling teja, sabab eta noe diseboet boga koeda, tatapi hanteu djadi, sabab kaboeroe trang jen eta koeda kagoengan toewan van den Brink. Toewan pindah běndoena, hanteu toeloes běndoe ka toekang giling, běndoena ka djoeroe gědong teja, malah dengdaännana dikeunakeun ka dinja, ditjandak tina bajarannana saboelaneun. Toewan van den Brink ngalahir ka djoeroe gědong: He djoeroe bohong! tina bohong maneh ajeuna njilakakeun ka maneh, saboelan ijeu maneh moal dibajar, sabab bajaran maneh teh dipake ngeusian děngdaän kabohongan maneh teja.

Hartina ijeu dongeng: omong bohong teu matak bisa njait tina kasalahan maneh, anggoer-anggoer matak ngabeungbeuratan, tambah katiwasan maneh.



85.

EMBE LALAKI .

Boemi dalěm Toeměnggoeng Djajaprajatna gěde, prabotna sae katjida. Dina hidji mangsa dalěm Toemenggoeng rek ngarsakeun aměngan, woewoeroek ka rentjang awewe, ngaran nji Měntik, lahirannána: Kami rek aměng-ameng,