Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

tandjoeng; si Satiněm ngomong pokna: Jakoeb maneh ajeuna mah meureun kapok, moal daek naek-naek deui, sabab geus bohak leungeun maneh, ari naek deui, lamoen maneh ragrag meureun potong leungeun maneh, atawa soekoe maneh. Tjarek Jakoeb barina seuri: Moal kapok, teu ditaheunkeun soteh pamikat teh, manoekna giras, sabab geus beunang lepas deui. tangtoe hese njorangna kana pikat, djadi sijeuneun koe pamikat; hanteu mikat deui soteh lain koe sabab sijeun potong leungeun, atawa potong soekoe, ngan kami djadi lalar kasab, moal boga beubeunangan.

Tjarek si Satiněm: Ari kitoe mah, djadi pintěr manoek tjangkoerileung manan maneh, tandana teu daekeun eunteup deui ka oeroetna tadi, tina sijeunneun koe balai; ari maneh geus naradjang ragrag, meh meunang balai gěde, aja nijat rek njorang deui.

Hartina ijeu dongeng: Saha-saha djělěma manggih tiwas saeutik, hanteu beuki pintěr, sanadjan bakal manggih balai gěde oge, moal bisa njingkahan.



84.

BELO.

Toewan van den Brink sore soemping ka lěmboerna, isoek-isoek ngaděg di boemina deukeut djandela, ningali koeda bělo tětěgaran dina pělak katjang tjina, ngaroeksakkeun pěpělakan. Toewan mariksakeun ka toekang gědongna: eta koemaha aja koeda loeloempatan dina pělak katjang diantěp bae? Wangsoel toekang kebon: Eta koeda lain kagoengan adjĕngan, poen djoeroegiling noe gadoeh koeda bělo teh, mangga koe koering rek diboeboerak sarta noe gadoehna rek ditjarekan. Barěng něpi ka sore, toewan van den Brink ngoeriling di panggilingan, njaoer ka toekang giling, keur nangtoeng dina lawangna, saoerna: Kami nendjo koeda