Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

matak roeksak kana pěpělakan; koemaha akang lamoen kalakon tjaäh deui, pikoemahaeun sampejan djeung kawoela, sarěng anak-anak kabeh, saoepama katiwasan pěpělakan, taja pisan anoe bakal dihakan? Najawangsa ngawangsoel: Adi taksiran kakang mah hanteu téroes djeung taksiran adi, pěrkara měndoeng enja rek hoedjan ta mah, tapi moal gěde. Bareng pada keur ngomong kitoe, teu koengsi lila angin ngagělěboeg, lěs bae leungit hoedjan teh, djeung měndoengna leungit, teu toeloes hoedjan gede.

Misilna dongeng ijeu: sarehna manoesa teu dipasihan kaleuwihan koe Goesti Allah njaho di kalakoean sagala noe tatjan kasorang kalampahkeun, ngan wadjibna koedoe pértjaja bae, oelah tjangtjaja ka Goesti Allah, sarta koedoe digawe ngalakonan wadjib, oelah rěsép totorahan.




83.

TJANGKOERILEUNG.

Si Jakoeb nendjo tjangkoerileung eunteup dina tangkal tan djoeng, ngomong ka adina awewe, pokna: Satiněm tendjo manoek tjangkoerileung eunteup dina tandjoeng, aloes pisan roepana, sakeudeung deui oge meureun beunang koe kami. Toeloej si Jakoeb naek kana tandjoeng, naheunkeun pamikat dina dahan; ari geus masangkeun pamikat djoet toeroen deui, ngawaskeun pamikat, měntjrong djeung adina noe awewe teja. Teu koengsi lila tjangkoerileung teh beunang dipikat, gantjang si Jakoeb naekan manoek anoe beunang koe pamikat: ari geus népi ka loehoer, si Jakoeb ngarongkong rek newak manoek, manoek ngan tiba katowel, dahan tandjoeng noe ditintjak koe si Jakoeb sěmplak, si Jakoeb ragrag, manoek anoe geus beunang leupas deui. Ari si Jakoeb bohak leungeunna, kasogok koe sěsěmplakan dahan