Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dewek mah teu bagdja, tatjan lawas dewek ngadengekeun omongan djělěma noe soegih-soegih, eta loba noe tatjan tibra pikirna koe kasoegihannana, atawa koe dadaharan ngeunah, soemawonna ngaleueut ngeunah; ěnja koerang digawe, sabab tina rěměn gěring, ari maneh jeung dewwk tjageur bae, ěnja bae teu njatoe noe ngeunah, teu make noe aloes, tapi oepama njatoe sahoewap nginoem sarēgot, tjoekoep reudjeung běrkah; ari papakean geus sěděng sakijeu bae aloesna, geus nimbangan kana pagawean anoe keur dilampahkeun koe oerang, ti peuting lamoen heës ngeunahna sok rěměn tětěmbangan, němbangkeun woeroek goeroe dewek, kijeu seboetna:

MIDJIL.

Djělma oelah panas ati teuing, hanteu paja nendjo, batoer bagdja sok djadi panastren, koedoe soekoer ka kërsa Goesti, djeung djėlma noe soegih, teu beunang disēboet.

Djalma bagdja krana anoe soegih, reja noe teu pětot, ngarep-ngarep tambah soegih bae, tégěs bagdja djalma noe tiïs, noe taja karisi, ngeunah njatoe-nginoem.




82.

MENDOENG POWEK .

Mangsa dina hidji powe waktoe asar, měndoeng powek, ngalamatan rek hoedjan gěde, oerang lemboer ngaran Wirapatra ngomong ka tatanggana, ngaran Najawangsa, pokna: Noe katendjo koe sampejan itoe měndoeng powek saloewarna, taksiran kawoela rek hoedjan gěde, tjai wahangan geus gěde, moal boeroeng tjaäh, kawas rek ngidjih, tjara noe geus kalampahan, datang ka ngeueum pasawahan,