Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

djalan noe běněr, ari omong maneh lamoen ditoeloejkeun bae oerang tangtoe kasaroeng, eta noe koe kami dipikir dina djěro ati, sapirang-pirang lobana djělěma noe kasaroeng, tina sabab njingkahan djalan kaoetamaän, njorang djalan kadorakaän, anoe noengtoen kana karoeksakan, sanadjan enggeus karasa oge jen pikasaroengeun, tapi reja-reja djělěma sok ditoeloejkeun bae.

Tégěsna dongeng ijeu: lamoen maneh njorang djalan anoe teu běněr, noe bakal ragrag kana kadorakaän, samemeh asoep kana kadorakaän, koedoe gantjang balik deui, soepaja oelah toeloej kasaroeng.




81.

DJELEMA MALARAT.

Ki Djalidin anak djělěma malarat, djadi pangangon sowang oerang lěmboer, ari dadaharannana kedjo pabaoer djeung bangsal, lalawoehna babarangan bae, ari nginoemna oenggal powe ngan tjai bae, papakeannana badag sarta geus loesoeh, katjida pisan ngěněseunnana sarta aral, malah ngomong ka ki Dama, ari pokna: Dama maneh djeung dewek kaäsoep kana djělěma tjilaka, sapowe djěpoet ngan noetoer-noetoerkeun djeung ngaraksa sato; noe hese diingoena, ari diingonan ngan saeutik, tamba langlajeuseun, soepaja bisa hiroep bae, satěgěs-těgěsna djělěma anoe soegih eta leuwih bagdja, ngoengkoelan maneh djeung dewek; noe dihakan noe diinoem koe noe soegih-soegih mirasa kabeh, papakeannana araloes sarta sadija, imahna nja gěde nja aloes, teu soesah njabak gawe. Kakarek sakitoe ngomongna ki Djalidin, disěla koe ki Dama, kijeu pokna: Ari anoe soegih teja, noe ditjatoerkeun koe maneh, disěboet bagdja, ari rasa