Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dirangkėp disoeroeng koe saoerang bae, koe badegana noe ngora teja. Ngomong bari njoeroeng, pokna: Nja běněr tjarek paribasa, saha-saha teu daek toetoeloeng ka noe sedjen, sok réměn manggih kasoesahan gede.




80.

PAHILI DJALAN.


Aja doewa boedak oerang lěmboer, awewe, ngaranna nji Sijem, noe hidji deui ngaranna nji Dijěm, dititah koe bapana ka pilěmboeran sedjen, djaoehna lalakon doewa djam ti lěmboerna, ari djalanna geus ditoedoehkeun koe bapana; tjarek bapana: Oelah sambewara, lamoen teu lalawora maneh mowal kasaroeng. Eta boedak doewa toeloej leumpang, djalan njorang pasawahan, sadjalan-djalan běger, boedak awewe doewanana ngalengkahna tingdjarengket bari sisindiran, ari lila-lila ngarasa jen kasaroeng, geus kitoe nji Sijěm ngomong ka batoerna pokna: Dijěm koemaha oerang ari geus kijeu, rasa kami mah lamoen toeloej bae noeroetkeun djalan ijeu, mowal datang ka lēmboer noe disědja teh. Wangsoelan nji Dijěm: Ari kitoe mah hajoe oerang pada balik deui bae, nejangan djalan anoe běněr, lamoen noeroet kana djalan ijeu hamo boeroeng kasaroeng. Boedak awewe doewa toeloej baralik deui ka oeroetna, nejangan djalan anoe běněr sarta kapanggih djalan anoe běněr teh, teu pati lila lěmboerna tembong, tatapi nji Sijěm sapandjangna leumpang malik ka toekang, repeh bae teu ngomong-ngomong, kawas aja noe dipikiran? Wangsoelan nji Sijěm: Keur mangsa oerang roemasa jen kasaroeng, ari geus kitoe oerang toeloej balik deui, nejangan