Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

njoeroeng padati leutik, momot barang. Dina mangsa harita panas bangět katjida, wantoening ngambah djalan keusik; ari batoerna noe hidji geus kolot djeung teu pati tjageur, noe matak koerang tanagana, ari bagiannana njoeroeng padati leutik, anoe loba momotna, djadi kabalangsak katjida ngiring djoeragannana teh.

Děmi noe hidji deui dadasar ngora keneh sarta tjageur, bědas katjida panjoeroengna, ngeunaheun bae, karasa enteng, samalah njeungseurikeun bae ka batoerna noe kolot teh. Anoe kolot teh ngomong ka batoerna noe ngora teja, kijeu pokna: Sapedah maneh tjageur sarta bědas, wantoening keur ngora, hajoe oerang toekeuran njoeroeng sakeudeung bae, padati kami koe maneh soeroeng, padati maneh koe kami soeroeng; sababna padati maneh hampang, saeutik momotannana, katjek beurat koe padati kami, reja momotannana, bawaning beurat, kesang kami wani ngoetjoer, ari maneh ditendjo koe kami tatjan ngarasa tjape.

Batoerna noe ngora lemek: Énja bae kami tatjan tjape, sabab anoe dipalar teja oge hajang oelah tjape, děmi babawaän maneh beuratna ngoengkoelan bawa kami, sarta geus koerang karosaän maneh, eta mah nja kadjeun teuing, kami mah teu rek open, kahajang maneh koedoe ditoeloeng njoeroeng, kami ěmboeng noeloengan ka maneh.

Ana geus diwangsoel kitoe koe noe ngora teh, eta batoer kolot katjida soesaheunnana, toeloej ngeureujeuh sakadoega-doegana, nangankeun maneh njoeroeng padati, tapi beuki lila beuki katjida tjapena, malah katinggaleun bae koe batoerna noe ngora teja; ari toengtoengna broek bae nambroe batoer kolot teh. Ari djoeragannana anoe toenggang koeda teh aja heulaeun anoe njoeroeng padati, teu pati djaoeh ti badegana, baréngna katingali badegana mopo, toeloej njampeurkeun, badegana noe mopo dititahtoempak padati, padati doewa