Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

78.

BATOE.

Aja koesir, ngaranna ki Saptoe, toempak kareta, loba momotna, njorang djalan djěblog, koedana mogok kabeh. Koesir teh kěrěp pisan mětjoetannana koeda sarta barina ngahaok ngahajoehajoe leumpang kana koeda kareta, tapi pamětjoetannana djeung panghaokna taja gawena, koedana bebejakan tanagana narik kareta, tapi karela wěleh teu daek madjoe. Koesirna bebejakan mětjoetannana bari ngahajoehajoe, manan madjoe kareta anggoer pětjoetna potong, karetana mah teu ngeser saeutik-eutik atjan tina enggonna mogok.

Aja hidji djělěma ngaliwat ngeureunkeun ka noe keur mětjoetan koeda kareta, sarta bari ngomong ka koesir, pokna: Hanteu kaběněran lampah sampejan teh, hojong kéntjéng boeroeng kéntjéng; tjoba lamoen dipariksa heula mah sarta lampah sareh, eta pěrkara noe matak měntog kana kareta, lamoen geus oeninga anoe matak mogok kareta, tangtoe kareta sampejan hamo eureun; sabab batoe noe matak měntog roda kareta. Ki koesir tjitjing bae, teu lemek, bari sěmoe era. Ari geus kitoe koesir teh toeroen njingkahkeun batoe, noe matak njangkol kareta teja, kĕbat koedana narik kareta. Omong ki Saptoe kijeu pokna: Lamoen djělěma rek ngalampahkeun pagawean anoe hese, oelah bari djeung napsoe, hadena koedoe djeung sareh bae sarta koedoe nitenan anoe djadi pamangkaän atawa halangan.




79.

BATOER DOEWA.

Aja noe boga batoer doewa, leumpang ka pilemboeran, ngiring djoeragannana. Ari djoeragannana toempak koeda hideung sarta aloes, ari noe ngiring badarat bae, bari