Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

58

noe noempakan eta kareta, karěpna rek ka kota sedjen. Eta noe miskin ngomong ka koesir, noeroet toempak kareta, tatapi teu make majar něpi ka imahna, sarta karoedjoekan koe toewan-toewan anoe toenggang kareta, malah-malah ngabantoean ngomongan ka koesir, soepaja daekeun ditoeroetan, tatapi eta koesir ěmboengeun ditoeroetan, sarta ngawangsoelna songong, pokna: Ari teu aja bajarannana mah, narah bae ditoeroetan. Ari geus kitoe noe toenggang kareta kabeh pada garetekeun, sabab koesir nganiaja, eta koesir pada ngarentog pada njěsěděk koe noe toenggang kareta. Barěng geus disanggoepan bajarannana koe noe taroenggang kareta, toeloej eta awewe teh ditoempakkeun kana kareta. Sanggeus tampak kareta, katingali koe toewan-toewan, jen koesir mere ngindjeum haroedoem, dijaba tina haroedoem toeloej dibere doewit eta awewe teh koe koesir. Ari doewitna panambah bajaran pedah noeroet toempak kareta teja toeloej dibikeun ka awewe, tjarek koesir teh: Saoepama kami teu menta tambah oembalan, ari datang ka imah maneh naon anoe di hakan? noe di pikir koe kami ngan pihakaneun maneh. Barěng katingali koe toewan-toewan jen koesir kitoe polahna, toewan-toewan kaget sarta sěmoe lingsěm kana koe koesir teh; pedah tadina anoe hidji njaoer ka batoerna toenggang kareta: Sampejan sarěng kawoela meunang njaho di loewang, pěrkara kalakoean djělěma oelah gantjang njawad soemawonna njarekan kana plah noe lijan, koedoe njaho heula di pitoengtoengeunnana.

Těgěsna dongeng ijě: sagala kalakoean manoesa, noe kadjeueung atawa noe kadenge, oelah roesoeh-roesoeh ditjawad atawa dinjanaan henteu patoet, sabab kadjadjadiannana loba anoe salah tina paněrka maneh.