Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

57

76.

MANOEK GAGAK.

Kiai Djarwa boga hidji anak lalaki, ngaranna ki Sidin, keur oemoer sapoeloeh taoen, ari ingon -ingonna gagak. Bawaning geus katjida lindeukna, diaboer bae, nadjan hiběr djaoeh ge teu toeloej minggat. Ki Sidin boengah katjida, sabab eta gagak bawaning lindeuk bisa niroe-niroe djělěma, ngomong sakětjap doewa kětjap, tatapi ki Sidin tjoewa saeutik ka gagak teh, krana ari nendjo doeit toeloej bae dipatjok diroewang dina taneuh. Ari gagak keur kitoe polahna, ki Sidin sěmoena moerang-mareng garetek kana gagak, sarta toeloej nanja ka bapana: Bapa naon sababna eta gagak sok njokotan doewit, krana rasa kawoela, ari no kesěboet manoek mah doewit eta taja pigaweeunnana, moal tjara djělěma?

Wangsoel bapana: Běněr Sidin omong maneh kitoe, moenggoehing manoek gagak doewit eta taja pigaweunnana, tatapi aja oge djalma tjěrědik moerka, nja tjara kitoe pamolahna, rěsěp ngampihkeun doewit bae, sarta soehoed ngoempoelkeunnana, manehna oge ari rek make njaaheun, soemawonna mere, noeloeng ka noe miskin, hanteu pisan, ngan rěsěp ngampihan bae; eta noe kitoe beunang disěboet boeroeng, sabab hajang djadi djoeroe simpěn bae, lain hajang boga, keur noeloeng atawa keur pakeeun sorangan.


77.

DJELEMA SIGA REK NGANIAJA.

Keur mangsa oesoem tiris katjida aja hidji djělěma awewe miskin, ngagidir bawaning tiris bangět, teu kadoegaeun leumpang, nangtoeng deukeut kareta sewa, reja