Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

87.

LAOEK GOERAME.

Aja hidji djéléma toekang ngala laoek, boga koelah hidji, teu djaoeh tina imahna, dieusi goerame loba djeung araloes.

Rěměn dititah didjoewalan, noe toekang ngadjoewal batoerna ngaran Boegěl, wadah paranti ngadjoewal tahang.

Eta si Boegěl maling goerame hidji noe Démang di lěmboer, diteundeunna dina koelah, ari koe si Boegěl dibaoerkeun djeung laoek djoeragannana di djero tahang, toeloej rek didjoewal ka noe boga eta laoek. Barěng datang ka imahna kijai Děmang, ditawarkeun ka geureuhana; njai Děmang bareng nendjo goerame, toeloej bae njaoer: Laoek ijeu tina koelahna kijai Děmang, kami teu pangling roepana. Laoek toeloej bae ditjokot koe nji Děmang, teu make didoewitan, malah-malah si Boegěl dilaporkeun ka poelisi sarta toeloej diberok, těgěs pamalingna.

Teu koengsi lawas si Boegěl maling deui goerame tina balong kijai Děmang teja, didjoewal ka loerahna. Barěng ditendjo koe kijai loerah, toeloej njaoer kijai loerah: Ijeu laoek beunang maneh maling tina balongna kijai Děmang. Si Boegěl toeloej bae diberok tiloe peuting, ngan dibere kedjo bae djeung tjai. Ari geus lepas, si Boegěl hajang njoba sakali deui, soegan aja bagdja, rek maling deui goerame gěde sahidji ti balongna kijai Děmang teja. Toeloej dibawa ka pasar djěro nagara, didinja dikira moal aja noe njaho ka manehna djeung katjoelikaännana. Pareng aja lébe lémboer (barangbeuli kapasar) nendjo noe dagang goerame, diilikan koe lébe teh, toeloej lěbe teh oewar-oewar pokna: Ijeu laoek beunang maling, kagoengannana kijai Dĕmang! Si Bogel kalaporkeun ka poelisi deui, ditrapan hoekoeman rangket.