Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Si Boegěl ngomong sorangan: nja heran katjida doemadakan aja bae noe njaho, jen laoek beunang maling, ari tjirina ngan eta pepetna diboentoengan saeutik, tapi sanadjan ditjirian oge, běněrna ngan batoerna noe njaho teh, ari lain batoerna mas Dệmang mah běněrna moal njaho, sarta tjirina hanteu pati katara. Si Boegěl lila pisan ngilikan tjiri eta laoek.

Toengtoengna si Boegěl ngomong: Tina awasna bae noe matak katara, karana oenggal-oenggal ngadjoewal laoek beunang maling ngan kapanggih bae.

Hartina: sanadjan boeni noe maling, lawas-lawas kabitoer bae, noe matak manoesa oelah pisan boga nijat rek maling.




88.

KADAL.

Aja hidji djělěma randa, leumpang di sisi tjai teu djaoeb tina imahna, mawa anakna leutik keneh doewa, ngaranna noe hidji si Djěndoel, noe hidji deui si Saminah, rek ngalasan dangdaoenan. Barěng datang ka sisi tjai, nji randa lemek ka anakna: Maneh tjaritjing didijeu aroelin, aing rek ka handapeun gawir tjadas gantoeng, rek nejangan dangdaoenan. Toeloej nji randa leumpang ka handapeun tjadas gantoeng teja; tatjan koengsi lila ngadenge sora anakna awewe djerit-djèrit, geuwat diboro koe nji randa, si Saminah poepoelih bari tjeurik: ěmbok aja oraj rek ngegel ka koela! Si Djěndoel seuseurian: Lain oraj eteh, kadal loempat njirindil njoesoep kana roejoek eta.

Nji randa ngomong ka anakna: nja kadal eta patoetna hedjo sarta herang, tapi tara daekeun matjok djělěma. Sapandjang ngomong kitoe ka anakna, tjadas gantoeng teh oeroeg,