Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

sorana ngagoeroedoeg djėgoer, nji randa djeung anak-anakna kaget katjida, omongna: ěh njai, hajoe oerang pada soekoer kana pitoeloeng Goesti noe maha soetji, djalanan tina kadal Goesti Allah masihan pitoeloeng hiroep ka si indoeng; saoepama taja kadal anoe matak ngadjèrit si Saminah, pinasti aing paeh katindih oeroeg.

Hartina ijeu dongeng: sing-saha noe pasrah ka Allah sarta ngarép-ngarép pitoeloengna dina sadjěroning balai, eta tangtoe diraksa sarta salamět, pitoeloenging Allah tara kanjahoan djalanna.




89.

PANON-POWE.


Amboe Saridja sarėgép pisan kana gawe. Geus wantji soeroep panon-powe di sawah keneh djeung anakna doewa, ngaranna Saridja djeung Saridjah. Barěng datang ka imahna, geus aja njajnjaj damar di amben, si Saridjah kaget katjida, lemekna: Di imah taja djělěma hidji-hidji atjan, saha eta noe njeungeut damar teh?Moal saha deui noe pinjeungeuteun damar teh, taksiran kami mah bapa, kitoe tjarekna Saridjah, tangtoe geus moelih ti dajeuhna. Toeloej bapana ditarejangan, teu lila kapanggih, eta boedak doewa pada boengah-boengah. Ari isoekna bapa Saridjah ngarit ka tegal léga, anak bodjona mariloe, panon-powe bengras katjida, boedak doewa pada boengah-boengah; bapa Saridjah ngomong ka anak-anakna: Tadi ti peuting maneh pada bisa naksir, jen aing ditaksir noe njeungeut damar, ajeuna maneh nendjo srangenge, tjik njaho di noe njeungeutkeun?

Si Saridjah ngawangsoel: Kawoela njaho bapa, noe njeungeutkeun teh satėgěsna Goesti Allah. Omong bapana: Nadjan damar oge teu daekeun hoeroeng sorangan, geus poegoeh srangenge nja kitoe deui.