Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Tégěsna dongeng ijeu: wantji beurang tembongna srange nge goeměbjar teh, nganjatakeun kaähengan djeung koedrating Allah.




90.

BENTANG NOE PANGHADENA.


Aja doewa boedak awewe djeung lalaki doeloerna, ngaranna si Katik djeung si Těmběr. Wantji sore si Katik ngomong ka si Těmběr, pokna: Těmber! tendjo eta bentang hidji tjahajana goemēbjar sarta matak tjaäng, noe aja di langit hentang sapirang-pirang, tatapi taja noe saroewa djeung eta aloesna. Si Těmběr ngawangsoel: ěnja bae těgés aloes eta mah bentang teh, tatapi teu ngoengkoelan aloesna djeung tjaängna kana bentang isoek. Parěboet běněr paäloes-aloes bentang něpi ka pasija-sija.

Ari toengtoengna tjarek bapana: Boedak garoreng doewanana, omongan anoe diparěboetkeun teh bentang diseboet doewa roepa, lamoen teu njaho, bentang noe gěbjar-gěbjar teja lamoen tembong sore, ngaranna bentang-sore, lamoen tembong isoek-isoek ngaranna bentang-isoek; bentang hidji ngaranna doewa, tembongpa di langit noeroetkeun wantji.

Hartina ijeu dongeng: reja djalma bodo, sok padoe teu poegoeh noe diparěboetkeun.



91. GELAP.

Aja hidji boedak lalaki Si Kěmis, ngadenge sora noe tjoeměloek, pokna: Kěmis, Kěmis, geuwat kadijeu! Si Kěmis gantjang bidjil tina enggonna njalindoeng, teu koengsi