Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

lila tangkal dangdeur teh disamběr koe gělap. Si Kěmis bangět kagetna neuleu kai kawas djadi seuneu kabeh, tapi manehna salamět; omong si Kěmis: Sora noe njěloekan teh soegan ti langit; ěh Goesti Allah anoe maparin toeloeng ka kawoela!

Sora noe njěloekan tadi teh kalenge deui pokna: Kěmis, Kěmis, naha maneh bět teu ngadenge panjěloekan aing? Ari noe tjetjěloekan teja awewe oerang Lěmboer; si Kěmis toeloej njampeurkeun barina lemek: Rek aja naon sampejan njěloekan kawoela?Wangsoelna noe ditanja: Koela mah teu njëloekan sampejan Agoes, noe ditjěloekan koe koela anak koela ngaranna si Kěmis, tadina ngangon sowang ka tjai, panjana koela njalindoeng dina sisi tjai didinja, bawaning sijeuneun koe gělap, noe matak koela datang kadijeu nejangan anak koela, rek diadjak balik; toeh geuning anak koela bidjil tina roejoek! Ari geus kitoe si Kěmis dajeuh tjarita ka awewe oerang lemboer teh: Panjana koela sora noe njěloekan teh ti langit, mana horeng sampejan. Omong awewe teh: Agoes oelah salah tampa, sanadjan sora bidjilna ti oerang lěmboer, sarta awewe miskin noe tjara koela, sampejan koedoe soekoer ka Goesti Allah, sababna noe kagoengan kërsa teh Goesti Allah, noe mangka koela njěloekan djěněngan sampejan; ari koela mah teu pisan oeninga di djěněngan sampejan kitoe. Kěmis dajeuh ngawangsoel: Enja běněr kitoe pisan, doemadakan lantaran salamět kawoela, sampejan njěloekan seuweu, noe sangaran djeung kawoela.

Tégěsna ijeu dongeng: reja-reja djalan pitoeloeng Goesti Allah ka manoesa.




92.

TOESOEK-KONDE.


Njai raden panganten Wira Djowana rek angkat djaoeh, kaondangan koe saderekna di sedjen nagara, angkat