Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

barěng djeung doewa poetrana istri, sarta nitih kareta. Poetra-poetrana maridang, wantoening rek ka noe karija, midangna nganggo běnten ěmas patah těboe, toesoek-konde angkatna dimataän intěn; angkatna njorang leuwueng gěde. Barěng soemping ka sisi leuweung, karetana njisi, asoep ka noe bala, gěloeng poetrana kakait koe tjoetjoek noe ngarojom, gěloengna oedar, toesoek-kondena ragrag, karetana dieureunkeun sarta pada laloengsoer, narejangan toesoek-konde sabadegana kabeh. Lila nejangannana, geus kitoe katimoe toesoek-konde mata intěn teh; toeloej poetrana digěloengan deui, deui toesoek-konde, meh sadjam lilana dangdan teh, poetrana sěmoe rek nangis, bawaning keuheul, rehna lila teuing; manahna sijeunneun kaporotan mangantenkeun; katjida njeuseulna ka koesir, sabab gagabah ngadjalankeun kareta.

Hanteu lila djěboel djalma toekang ngala soeloeh, loempat baroehah-harehoh, amběkannana ngarėgeh kawas noe měngi; hatoeran ka njai raden panganten pokna: Djoeragan ajeuna kalěrěsan tatjan djặngkar, moegi atos-atos, masing jatna, karana di leuweung aja begal reja pisan, geus tangtoe bakal měgat gamparan, noe matak koering loempat kadijeu, sědja ngoeningaän gamparan; pirěmpag koering madak roedjoek mah, langkoeng sae nejangan deui djalan noe sedjen bae, karana di pajoen mah kadjaga kabeh koe begal; soepami gamparan hanteu ngaranděg lila didijeu, tangtoe koering kaporotan nja ngoeninga. Njai raden panganten Wira Djowana katjida narimana, ladjěng maparin doewit ka anoe ngoeninga teh; koesir dipiwarang malikkeun deui kareta, geus kitoe njaoer ka poetrana: Njai, Goesti Allah hanteu kakoerangan ngaraksa ka abdina; oemoer maneh djeung oemoer iboe aja dina toesoek-konde noe ragrag, lamoen eta hanteu ragrag mah, siga moal boeroeng manggih pati, karana noe matak eureun, sabab ragrag toesoek-konde, tadi njai moerang-