Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

-mareng sabab lila eureun, ajeuna hajoe oerang soekoer ka Goesti Allah anoe geus maparin kasalamětan ka oerang.

Hartina ijeu dongeng: reja lantaran pitoeloeng Goesti Allah djeung reja balai saeutik matak moerang-mareng, tapi radjeun djadi lantaran salamět tina balai gěde.




93.

ENTJIT.

Aja toekang sapatoe doeda, boga anak awewe hidji, ngaranna nji Doenoek, nja eta noe nganjahokeun sadjěroning imah kabeh, daekan bari pintěr, tatapi karěsépna kana papakean noe araloes. Nji Doenoek meuli ěntjit beureum opat ikět, bakal dipake takwa, saikětna harga opat oewang, tapi diakoekeun ka bapana saikětna harga doewa oewang. Bawaning bapana teu njahoeun barga entjit, sarta anakna katjida keukeuhna menta, gantjang bapana merean. Nji Doenoek ngan ngabidjilkeun doewit dalapan oewang ti anoena sorangan, tina tjetjelengan, keur ngadjědjėgan pameuli entjit. Bareng geus nampanan doewit ti bapana, nji Doenoek toeloej ka patjinan, rek majar pameuli ěntjit, ari ěntjitna ditinggalkeun di amben imahna. Sabotna nji Doenoek leumpang ka Doenoek, leumpang ka patjinan, aja semah datang ka imahna nji Doenoek, nendjo ěntjit aja di amben, koe semah teh ditanjakeun hargana saikětna, wangsoel toekang sapatoe: Hargana larang, saikětna doewa oewang. Semah ngomong deui: ěntjitna sae, didoewitan bae koe kawoela saikětna tiloe oewang. Toeloej bae didjoewal, doewa wělas oewang noe opat ikět, pameulina geus ditampanan koe toekang sapatoe, semahna geus balik sarta atoheun pisan meunang entjit moerah. Teu koengsi lila datang balik uji Doenoek ka imahna. Bapana gantjang bae poepoelih, pokna: Doenoek, maneh bakal