Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
77

eunteung dihareupkeun kana beungeut nji Soeli; kaget nji Soeli nendjo roepana dina eunteung, napsoena leungit, toeloej tjeurik, indoengna lemek: Saäjeuna maneh geus njaho di roepa sorangan, roepa noe keur katjida napsoena, něpi ka matak goreng beungeut, lamoen maneh masih keneh sok amběk tjara kitoe, tangtoe beuki leuwih goreng bae beungeut maneh; noe roepa manis teh leungit. Ari geus kitoe karasa koe nji Soeli, sabisa-bisa ditjégah napsoena; toengtoengna amběkna djadi sareh, sarta beuki geulis patoetna; indoengna teu wěleh magahan, pokna: eulis, napsoe djeung boedi sareh, eta aja kadjadjadiannana, sapěrti panggawe goreng djeung panggawe hade, nja kitoe keneh bae.

Hartina ijeu dongeng: napsoe eta katjiri dina beungeut, matak salin roepa kamanisan, ganti kahaseuman; djalma lamoen hajang manis oelat, oelah gěde teuing amběk.




95.

ALI-ALI MATAK KAJOENGJOEN.


Aja hidji soedagar, ngaranna kijai Wiralaba; angkat dagang ka tanah Sabrang. Bawaning gětol sarta pintěr népi ka djadi soegih katjida. Kira geus rada lawas, moelih ka nagarana; bareng meuntas tina parahoe, ngareungeu jen saderek-saderekna keur soekan-soekan, dahar ngeunah, toeloej disampeurkeun kana ěnggona soekan-soekan, tapi kijai Wiralaba teu salin heula panganggo; panganggona noe dianggo oeroet panganggo di djalan bae, geus bělěwoek kabeh. Barěng dongkap kana enggon soekan-soekan teja, katingal tjaäng, damarna ratěng. Ari saderek-saderekna, sapedah kasoempingngan anoe kakara soemping ti sabrang, teu pati boengah, katendjo sakitoe geus lila teu papanggih, panganggona teu sae, ditaksir jen malarat.