Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84

noe ngagowak, omong pandaj teh: tah leungeun maneh, noe sok tjoelika teh, ajeuna geheng, nja eta gandjarannana pagawean maneh, ngarah oelah koengsi maneh manggih balai noe leuwih gěde.

Hartina ijeu dongeng: djadi pangeling-ngeling, njingkirkeun tjilaka anoe digělarkeun koe panggawe masiat, sapěrti noe njabak beusi beureum.


102.

TALI.

Aja boedak doewa di djalan parěboet tali pandjang, tali timoe; parěboet rame pisan datang ka pasiasia, sarta silih dontja, pareboet tali hidji, pada njěkělan tjongo tali sapotong sewang, bareng pada narik, tali teh pěgat, boedakna pada laboeh doewanana kana taneuh djěblog. Aja noe nga liwat lemek ka boedak teh: Tah nja kitoe kaoentoengannana djalma sok daekan padoe, noe dipadoekeun barang leutik, naon hasilna? Taja ngan kasorang koe hina bae djeung wirang noe poegoeh mah, sapérti maneh ajeuna boedak doewa, awak maneh tjiproek sarta bělokan.

Hartina ijeu dongeng: mangka manis oelat, singkahan papadoean, soepaja oelah koengsi dihina sarta diwiwirang.


103.

ANGEUN LADA.

Boedak awewe ngaranna nji Kěpik, wantji ti beurang dadaharan djeung indoengna, ngomong ka indoengna: ěma, angeun lada teh hantjer, koela mah teu beuki. Tjek indoengna: Ajeuna geura pitjeun bae, ngadadak ngangeun deui teu bisa, mangka bae dipanggodogkeun deui, diboengboean