Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
83

pokna: Taja deui noe pimalingeun kadjaba maneh, noe sok rěměn poelanganting ngabantoean digawe. Sakabeh oerang lěmboer pada neueul ka nji Bogěm bae, tapi teu beunang didjijeun prakara, sabab taja boektina.

Lila-lila nji Saminah njaba ka pasar barang beuli, di pasar manggih aja djalma awewe ditalian, dosana njěbrot samping, dagangan ti pasar, nji Saminah neuleu kantehna noe dipaling teja aja didinja.

Ana dipriksa koe djaksa, trang ngakoe jen eta kanteh beunang njajab ti boeroean nji Saminah. Geus kitoe nji Saminah roemasa jen salah noedingna ka nji Bogěm, bari tjeurik pokna: Bogěm, salah katjida paněrka kami ka maneh, ajeuna kapanggih noe maling kanteh teh, malah geus ditalian dibawa ka dajeuh.

Nja běněr tjek paribasa: sanadjan ditoeding maling, ari běrsih mah, tangtoe kaboekti kaběrsihannana.



101.

RANTE.

Aja hidji boedak lalaki, ngaranna si Sěmplo, katjida tjoelikana, ngan sirikna tara maling, énja tara maling teja mah, tapi ari boga titimoean, sanadjan njaho oge di noe boga, eta noe katimoe koe manehna, toeloej dipibanda bae. Wantji isoek si Sěmplo ngaliwat kaboeroeannana ki pandaj, manggih rante beusi ngagoler di boeroean eta, si Sěmplo tjoengak-tjingeuk ngalijeukan djalma, bisi aja noe neuleukeun; barěng dilijeukan taja djalma, rante gantjang ditjokot, tapi dilesotkeun deui, sarta ngagowak katjida, ari eta rante satěgěsna panas keneh, noe matak diteundeun di boeroean, ngarab tereh tiis; si Sěmplo leungeunna geheng; pandajna bidjil, sabab ngadenge