Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
82

tina sabab roesoeh aja pěrang, toeloej leumpang kaloenta-loenta, tjitjing di lěmboer sedjen, djaoeh lalakonna ti nagarana, Dina lěmboer eta pakoe loba kapakena, samangsa keur aja gawena eta pakoe, oerang dinja mareuli ka nagara sedjen. Ki Sadana ingět kana kabisana njijeun pakoe, toeloej nawarkeun gawena ka oerang lěmboer didinja, jen sanggoep njijeun pakoe; geuwat dipangnjijeunkeun gosali, rěmpoeg salėmboer didinja, pada soeka ka noe bisa njijeun pakoe. Ki Sadana geus děk neupa, loba kaoentoengannana; ki Sadana ngomong sorangan: beh namah djalma hiroep eta nja koedoe boga kabisa teh, kami kabisa teh ngan njijeun pakoe, teu boeroeng makajakeun ka awak sorangan, kami ngoengkoelan di djaman tadi; kabisa kami ajeuna oepama aja noe rek meuli tiloe rewoe roepija, moal ditjoelkeun; banda kami pirang-pirang rejana teu beunang dibawa-bawa, lain tjara kabisa, di mana tjitjing aja gawena.

Hartina ijeu dongeng: pangabisa eta masih saeutik, lamoen dipake těměn, bisa mawa kaoentoengan gěde; djeung deui djalma tara ridoe koe pangabisa.



100. KANTEH.

Aja landjang ngaranua nji Saminah, sangkir ngeujeuk, gawena nganteh, geus meunang opat lima toekěl noe ditjitoewaran. Aja saoerang landjang tatanggana, ngaran nji Bogěm, sok rěměn ngabantoean digawe molah kanteh ka nji Saminah. Geus kitoe nji Saminah leungiteun kanteh doewa toekěl, noeding ka nji Bogěm, jen maling kanteh teh; toeloej diparěng ka imah, omong nji Saminah: Bogěm maneh noe maling kanteh kami teh, kadijeukeun rek ditjangkoedoean. Nji Bogěm teu ngakoe, sarta soempah noedoehkeun kaběrsihannana; nji Saminah keukeuh pangnoedingna,