Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
81

98.

TAROEMPAH.

Aja noe miskin, ngaranna bapa Wěntah, gawena ngangon ěmbe. Ari kamiskinannana datang ka teu koewat meuli taroempah koelit atah, soekoena běbělakeun. Dina hidji powe bapa Wěntah kadatangan semah saoerang, asal djalma geus rěměn asoep ka berok, lantaran sok maling, ngomong kijeu: Kaoentoengan kami mah loba pisan, maneh bapa Wěntah oerang sagawe bae djeung kami, ari daek mangke dipangmeulikeun taroempah weuteuh, njorang noe djeblog atawa batoe noe rotjop moal njeri soekoe maneh. Wangsoelnna bapa Wéntah: eta teu pati dipikir koe kami, teu make taroempah oge loeloes bae, masih loba kaoentoengan ge, ari tina lakoe teu běněr, matak teu hade, měnding bělokan soekoe, manan ati régěd koe doraka mah!

Hartina dongeng ijeu: měnding saeutik kaoentoengan, noe sarta djalan běněr; gěde oge kaoentoengan, ari tina djalan salah, tangtoe tereh tjilaka.


99.

PAKOE.

Pandaj ngaranna kijai Pangajah, gětol digawe, datang-datang ka soeroep matapowe teu ngarasakeun hese tjape. Ari batoerna sapakarangan djalma soegih, boga anak lalaki, ngaran ki Sadana, oenggal powe gětol ngandjang ka kijai pandaj, nendjokeun anoe keur digawe. Dina hidji powe ki pandaj ngomong ka ki Sadana: Agoes panganggoeran bae sampejan soegan kērsa diadjar njijeun pakoe, oepama sampejan geus jasa, eta pakoe aja pidaměleunnana. Ki Sadana noeroet; toeloej bae njanghareupan tahanan, diadjar njijeun pakoe, lawas-lawas bisa. Bareng geus lawas, ki Sadana kataradjang miskin,

Dongeng-dongeng pieunteungeun (Soendaasch)
6