Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

GOROMBOLAN


BARANG

KURING dibejaan ku mang Kentang yen manehna tas nangkep gorombolan teh, hate kacida pisan ngarasa gumbirana. Tapi lian ti eta kagumbiraan kuring teu weleh ngarasa hariwang. Demi pangna ngarasa gumbira mah atuh da ieu teh mangrupa hiji kanyataan yen lembur teh teu gampang diasupan ku nu ti tukang, bubuhan para-pamudana saruhud digawe. Ari hariwangna, inggis ku bisi rempan ku sugan, sabab bisi kanca-kanca gorombolan anu katangkep teh niat males pulih ¹) tuluy nyerang ka jero lembur.

Lamun seug enya kajadian teh, lembur diserang ku gorombolan, tada teuing bae ngerakeunana. Tada teuing gorengna keur lembur kuring mah. Demi sababna, lantaran ari lembur-lembur sejen mah geus sawatara taun meunangna gangguan ti pihak gorombolan nu beuki lila beuki meuweuh bae teh, sedeng lembur kuring mah berekah, sakali oge can ngalaman kaanjangan. Ari ngan ukur anu ngaliwat bae mah eta oge meureun geus remen kajadian. Ngan nu can kungsi kaalaman teh eta, maen rebab jeung huru

1) males-pulih: mulangkeun kanyenyerian, males (Jatiwangi)

19