Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kawas di lembur-lembur sejen. Tah, nya eta pisan nu ngalantarankeun aeb ka lembur teh, lamun seug enya kajadian kanca gorombolan anu ayeuna keur ngaringkuk di kantor BODM teh boga niat males, ngabongohan ti tukang. Lembur anu geus sawatara taun mulus banglus taya kuciwana, nya peuting ieu pisan bakal beak riwayatna, disambung ku riwayat nu rocet ku ruhak jeung getih.

Jeung lain ngan ukur dibejaan bae deuih kuring teh, tapi jeung nenjo buktina ongkoh. Nenjo bungkeuleukanana eta gorombolan, anu pajar beunang nangkep mang Kentang ti kebon-tiwu tea.

Harita teh peuting, bulan puasa. Sarta kawas sasari, ari peuting teh kuring sok tara aya di imah. Tapi ngan kukulayaban bae pulang-anting ka hilir ka girang ngadedel lemah nu ngampar di lembur. Harita oge taya bedana jeung kitu, keur kukulayaban arek liar.

Ari anu dijugjug harita teh kantor BODM, pedah di dinya sasarina sok rea batur keur garapleh ¹). Tapi batur anu biasana sarolot ²) pisan nyanghareupan kartu teh, harita mah bet suwung, teu kapanggih saurang-urang acan. Ulah bon warugana, dalah ambekanana oge teu kadenge, ceuk babasan tea mah. Ari ku kitu tea mah atuh da sahenteuna, geus tarunduheun meureun, da harita teh geus aya kana jam duana. Sedeng batur mah kapan isukna teh perlu hudang rebun-rebun, sangkan bisa nyiar kipayah jang maraban anak bojo. Lian ti eta, aya deui sababna nu sejen, nyaeta lantaran harita teh keur SOB, teu meunang aya nu ngulampreng ti jam sapuluh peuting tepi ka jam satengah lima isuk.

MALAH sakali mangsa mah tepi ka teu ngarasa dosa ieuh ngaheureuyan batur anu baralik ngukurung 3) teh. Maranehna baralik ngukurung ti jauhna, ari balik ngaliwat ka lembur, ba-

1) garapleh: ga pleh, ngaran kaulinan kawas domino ngan baladan
2) sarolot: solot, getol (Jatiwangi)
3) ngukurung: ngadon dibuat di jauhna, tepi ka kudu mondok-moek di tempat dibuatna tea. Baralik ka lemburna mun buataneun geus rengse (Jatiwangi).

20