Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

reng jeung pada baturna, mo kurang ti sapuluhan.

Nya kitu tea bae, harita ge kuring keur ulin, tiluan jeung batur saenggon, teu sakumaha jauhna ti kantor BODM. Barang keur jongjon-jongjon ngobrol, bari dariuk na jalan kareta-api, lar aya jalma sabubuhan ngaliwat teu jauh ti hareupeun. Horeng eta teh nu tas ngalukurung tea.

Batur anu pangbangorna nanya ka salah saurang:

― Marulih ti mana, mang?

Anu tas ngukurung tea, da puguh geus kitu sipatna, someah hade ka semah kapan ceuk batur oge urang Sunda mah, ngawalon:

― Wangsul ngukurung, jang.

― Nyarandak serat-katerangan henteu? kuring neruskeun nanya itung-itung nganggeuskeun omongan nu tadi, tapina jeung silih-badug.

― Nya eta, aya nu ngabantun, aya nu henteu. Na ku naon kitu jang, kedah ngabantun katerangan sagala rupi?

― Har, ari Emang. Kapan ayeuna teh jaman werit, jaman SOB. Tentara teh apan jadi garalak ayeuna mah mang.

― Kumaha atuh nya, ari kieu?

― Kumaha nya, kuring malikan omonganana, siga anu mang sedihkeun. Kapan Emang teh dihenteu-henteu oge ngalangkung teh pasti ka payuneun kantor BODM, mangkaning di dinya teh para-pamuda jaga samakta pakarangna.

Nu baralik ngukurung semu anu sarusaheun pisan barang dibejaan ieu kitu-kitu teh. Ari kuring, angger bae silih-badug jeung pada batur, ngarasa senang sabab rasa manggih jalma anu babari diheureuykeun.

― Kumaha upami ngarereb bae di dieu, Mang? Diteraskeun oge bilih kuma-onam di jalan, batur nu saurang deui nyarita, jiga pisan anu enya mere bongbolonganana teh.

― Lah, nya eta, masih tebih keneh ieu teh. Ari mondok heula mah, atuh tambah leuir bae engke dongkap ka lembur, sedeng ieu oge tos lami teuing di jalan. Ari kedahna mah kamari pasosonten dongkap ka lembur teh, da kitu pasini memeh mios oge.

21