Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

—Bade kumaha atuh? Da upami diteraskeun oge bilih kumaonam, mangka tos jam-malem ayeuna teh.

Anu baralik ngukurung pating-harewos jeung pada baturna, badami neangan jalan nu rikip, sangkan teu manggih halangan-harungan di jalan. Atuh ku pating-harewosna oge kapiceun tah sawatara menit bae mah.

Tungtungna ngarasa karunya oge saeutik hate teh, nenjo batur sakitu baringungeunana. Tuluy kuring nyarita:

Mang, satungtung masih aya di lembur ieu mah teu kedah sesah-sesah teuing mikiran, kuring oge sareng rerencangan masih tiasa keneh manawi nyuhunkeun widi kanggo mamang sadaya ka bapa mayor. Mung, sakaluarna ti dieu, teu mananggel deui upami di jalan aya nanaon.

Disanggupan kitu ku kuring teh kacida pisan barungaheunana. Nganuhunkeunana oge henteu cukup ku sakali, malah tepi ka hese ngitungna, tina ku remen teuing. Ari ku kituna tea mah da atuh saenyana najan aya SOB oge sarua bae jeung henteu di lembur kuring mah. Pikeun kuring tiluan bae tapi, pedah wanoh ka bapa mayor. Ari keur anu lian mah eta oge tetep bae kudu tumut, ari geus neng jam sapuluh kadenge disada di kantor kacamatan anu tuluy ditema ti kawadanan jeung kantor pulisi teh, teu meunang aya nu ngulayab ¹) deui. Carem bae jalma salembur teh, iwal ti kuring tiluan, para-pamuda anu keur ngajaga katengtreman lembur jeung anu daragang di jero pasar. Tapi nu daragang mah teu meunang kaluar ti pager-pasar, ngan bebas dina kurungna bae. Jalma teh najan can tarunduheun oge hih teu meunang henteu, kudu ngaringkeb maneh di imah, maksa-maksakeun maneh neangan impian. Ku kituna, atuh babari pisan kuring mangmentakeun idin ti bapa mayor teh, kalawan teu ditanya heula aya kaperluan naon.

Sawatara poe ti sanggeus eta kajadian, kuring tiluan tuluy ulin ka lembur maranehna nu dibobodo tea, lantaran geus diomat-omatan pisan tadina. Nitah ulinna oge sirikna teu jeung jangji mangmeuncitkeun hayam. Atuh dina jolna datang teh teu wudu

1) ngulayab: ngulampreng

22