Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

oge, kaasup kana sisindiran balakatiktrik balakacombrang. Leumpang oge mun teu era mah meureun rarangsodan bari ngepor, seubeuh teuing.

TAPI ari harita mah nu dipiinget teh lain hayang ngaheureuyan nu baralik ngukurung atawa nu poekeun di jalan. Sabab geus euweuh nu ngulampreng deui, peuting teuing. Niat harita mah rek gapleh di kantor BODM, itung-itung nutugkeun taraweh najan enya tara oge.

Mang Kentang kasampak keur ngabedega bae di jalan kareta api, kawas nu enya keur jaga. Malah basa kuring tiluan ka darinya oge, sirikna teu bari nyentak bae nanyana. Eta meureun, pedah kuring marake sarung nu matak ditanya oge, da ari sasarina mah, geus tara tatanya deui, sabab geus wawuh tea. Jeungna deui meureun harita mah manehna masih keneh kapangaruhan ku kaambek ka gorombolan anu katewak. Atawa boa pedah hatena ngarasa rentag lamun seug dirurug ku batur-batur gorombolan tea.

Ari geus puguh nyahoeun yen anu disentak kuring tiluan mah, kalah ka malik nanya manehna teh, henteu sesentak deui. Nanyana oge tangtu bae kalawan reueus pisan, da manehna anu newak gorombolan teh:

— Heh, maraneh harayang nyaho gorombolan ta henteu?

— Hah, gorombolan? ceuk kuring tiluan mani rampak. Sungut mani calangap bae sanggeus ngomong teh, lamun aya laleur sabubuhan mah kawasna tanwande asup bae kabeh kateleg. Eta da ku teu ngarti pisan, bet make aya gorombolan bisa mubus ka jero lembur sagala. Ieu teh kajadian anu munggaran, di lembur kuring mah. Tangtu mangrupa kajadian anu munggaran deuih lamun seug kanca-kanca gorombolan anu katangkep ngayakeun serangan pamales mah. Mangrupa hal anu munggaran lembur dirurug ku nu ti tukang, sarta mangrupa kajadian anu munggaran deuih sajarah lembur kuring bakal kacoretan ku getih jeung ruhak.

— Heeh, gorombolan. Aing nu newakna oge, di kebontiwu,

23