Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ceuk mang Kentang bari nepak dada, Agul meureun di dituna mah.

— Kumaha tah dedeg-pangadegna? kuring nanya deui, lantaran masih ngarasa cangcaya hate teh dihenteu-henteu oge.

— Deuleu bae nam di kantor, keur hees.

Eta jalma anu magar gorombolan tea, ngan make kaos kutang bae. Calanana sepan biru geus saroek di sawatara tempat, pinuh ku jarumat. Demi buukna teuing ku riwog, kacida pisan euncepna lamun enya manehna kapalana pisan oge. Dedeganana jangkung, ari kulitna semu-semu koneng, kawas Jepang nu tinggaleun.

Cenah mah manehna teh di gebengan kaler, wewengkon Jatitujuh. Ari datangna ka lembur, ku taksiran mah rek meuntas ngidul, bubuhan di kaler ngarasa teu tiis dingin paripurna pedah dibeberik bae tentara.

Manehna keur sare dina ubin, ngagoledag¹). Sarungna nguntel²) kana sirah atuh ragana ngaliglag, henteu katutupan sakumaha mistina. Ah, upama enya eta jalma teh gorombolan, kuring banget nya tumarima ka para-pamuda anu geus sakitu tohpati jiwa ragana, enggoning ngajaring urang lembur tina kahariwang kahoncewang. Enya satria desa henteu honcewang sumoreangna teh, ari geus nenjo buktina mah.

— Ongkoh da enya lembur aing mah hamo bisa diancikan ku gorombolan, ceuk pikir. Lembur aing mah kudu mulus banglus, ulah karocetan sajarahna ku mangsi nu mangrupa adonan cimata, getih jeung lebu sesa nu ngaduruk. Pamuda lembur aing memang saruhud digawe, teu lebar unggal bulan nyumbang lima perak teh, ceuk hate.

Teu sakumaha lilana, eta jalma teh hudang. Sanggeus rada lila pada ngantep, tuluy ku mang Kentang ditanya:

— Heh, jawab sing bener pananya aing nyah, ari teu hayang dipangpengkeun deui kawas tadi mah sia teh, omongna bari meureup. Awas mun mungpang!

1) ngagoledag: ngagoler

2) nguntel: mulen ngagulung

24