Si gorombolan ngajawab bari ngadegdeg, sieun enya dipang- pengkeun, mangkaning dedegan mang Kentang teh dekung, eukeur gede teh jeung jangkung deuih:
— Heug.
— Jeung saha maneh di kebon-tiwu teh?
— Sorangan
— Bohong sia. Batur-batur maneh ayeuna di marana, hah?
— Batur nu mana? Si Salu?
— Batut maneh, anu tadi bareng di jalan.
— Di leuweung, leuweung Sumber.
— Ati kitu mah enya maneh teh gorombolan, nya? Awas mun mungkir!
— Enya sugan.
— Sugan?
— Nya sugan bae, da teu nyaho, Jongan !? kuring mah tadina oge rek gagade, ari ieu be kalah ka ditangkep.
— Gagade naon? Gagade barang-barang anu dina gembolan? Barang-barang nang ngarampog?
— Enya.
— Sabaraha urang kabehna batur maneh teh?
— Aya meureun dalapanbelas mah. Ari ayeuna geus tangtu keur harees di leuweung Sumber.
— Sing bener sia ngomong teh, ari teu hayang dibedil mah.
— Jedod bae rek dibedil mah, sugan di dinya tega.
— Make teu tega ku naon, pilakadar maehan gorombolan.
— Bener lah, mending dibedil, hayang ngalaman paeh.
— Kawas nu gelo sia. Urang mana sia hah?
— Urang Beusi.
— Pangna jadi gorombolan?
— Hayang maehan jelema, hayang nguyup getihna, bongan boga rubiah minggat.
— Pantes bae minggat ge, da sia ngablun 2?) teu puguh.
1) jongan: lebah dieu hartina da. Jongan teh meh saharti jeung wong dina basa Jawa
(Jatiwangi)
2) ngablun: ngablaun, tara nurut parentah lian titeu boga cabak teh