Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

— Aya kitu nu ngablun puguh?

— Ngece ¹) sia, jawab mang Kentang bari nyabok. Si gorombolan teh pak-aduh, tapi teu dipalire.

Jempe sajongjongan. Tapi teu sakumaha lilana mang Kentang geus nanya deui:

— Geus maehan sabaraha kali sia, hah?

— Wah, atuh geus lain itung-itungeun deui, kulan, sakeyengna bae. Komo eta tah, ari geus maehan tumbila, keletas-keletas bae, tuluy diambeuan.

— Si, heureuy sia lain usumna ieuh! Dibabet ke geura!

— Ceuk kuring oge ari tega mah heug bae. Barina oge da kuring hayang ngasaan sakali-kalieun mah dibabet ku pamuda Ciborelang.

— Ngalawan sia? Ditojos deui ku belati sia, kawas tadi bapa mayor. Sieun henteu, kunyuk?

— Atuh puguh bae sieun mah, da mani nojo kana jajantung pisan belatina. Saha nu teu rek ngadegdeg geura, rek ditubles belati. Mun di dinya ge moal teu kitu lah, mun seug pareng katewak ku gorombolan.

— Si, ngahina sia. Aing mah teu sieun sarebuk samerang bulu deuleu ku gorombolan teh. Percumah bapa aing mere ngaran Kentang, ari sieun ku jalma sasar-sasar bae mah. Sieun nya sia ditubles?

— Sieun.

— Heueuh, sasar sih sia mah, teu kawas aing, babakti keur lemahcai. Nu matak ulah heureuy sia ngajawab, kudu bener. Komo engke mah lamun dipariksa ku pa mayor, sing bentes nyarita sia. Urang Batak mah garalak, nyaho sia?

Si gorombolan teh unggut-unggutan, siga nu enya-enya ngarti.

Ari kituna tea mah bener, da satungtung sual-jawab si gorombolan teh gawena ngan sura-seuri bae. Rek disebut ngalawan nya pantes, dan kitu petana. Eta ku taya pisan semu nu sieun kana paeh teh, teu riuk-riuk acan diancam kitu diancam kieu oge.

¹) ngece: ngaheureuykeun bari ngahina (Jatiwangi).

26