Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Sedeng mang Kentang mah dina ngancamna teh geus sakatimuna bae: bedil, babet, kaprot, pangpeng, ¹) tojos. Ari nu diancamna hih, kalah ka sura-seuri, mapanas mang Kentang nu ambekna sakulit bawang. sakecap kadua gobang.

— Hayang kiih lah.

— Beser sia, kiih malulu.

Si gorombolan ngojengkang ka luar.

— Pulung, panganteurkeun, ceuk mang Kentang ka baturna anu ngaran Pulung.

— Tong dianteur deui sih, da geus gede, geus bisa muka calana sorangan, ceuk si gorombolan.

— Ambeh babari lumpat?

— Nya heueuh, tembalan bari nyerengeh.

Mang Kentang nyayangkeun ramona nu opatlas ruas kana pipi si gorombolan, minangka upahna meureun. Atuh si gorombolan teh pak-duh, nyereun, tapi kalah ka dibongan-sia-bongan- sia. Tuluy dianteur kiih.

— Lah, asa kieu singhoreng ari jadi gegeden. Kiih-kiih bae mani kudu dianteur, da bisi kana calana, bisi aya nu ngarogahala di jalan, omong si gorombolan.

Ngan dikaprot deui bae minangka upahna teh.

Balik kiih si gorombolan teh sare deui. Tadi oge meureun pangna hudang teh pedah hayang kiih, lain hayang dikaprot, lain menta cap tapak jalak dina pipi.

Kuring oge tuluy bae balik, da tunduh geus teu kaampeuh. Hate henteu weleh seber, bisi enya kanca si gorombolan nyerang lembur nu kawentar ayem-tengtrem, anu geus tangtu bakal mangrupa kajadian anu munggaran eta teh. Tapi jeroning kitu teh bari teu weleh muji kana kasuhudan para-pamuda anu geus sanggup nyerek gorombolan, anu meureun ari niatna mah hayang nalungtik kakuatan pertahanan lembur kuring. Tapi hanjakal, nu nungtik teh kurang telik, buktina katungtik manten, malah tepi ka kudu narima ramo nyayang dina pipi sagala.

Hate teu weleh hariwang, bisi enya kajadian sakumaha anu

¹) pangpeng: banting

27