Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dipikarisi. Sare henteu bisa tibra, hayang gancang manggih beurang, sangkan gorombolan mo wanieun nyerang. Pikiran ngaguligah, balas inget kana serangan nu bakal kaalaman. Dunya ngadak-ngadak karasa aplen ¹) pisan lumakuna, anu sasarina kacida gancangna ngadudud lir sputnik teh. Duh, lamun seug enya kajadian, sajarah lembur kuring anu tepi ka menit samemeh aya gorombolan kacerek, ngeplak bodas teh geus tangtu bakal aya kacakclakanana ku mangsi nu mangrupa adonan getih, cimata jeung lebu tea. Turta ieu mangsi nu mimitina ngan satetes teh geus hamo salah, tanwande bakal ngagedean, tepi ka meureun engkena mah nu aya teh ngan getih baur jeung cimata katut lebu bae nu aya, totomblogan sakuliahna.

Isukna, kuring merlukeun hudang isuk-isuk, sabab hayang nyaho nasib gorombolan nu peuting tea. Kalawan teu merlukeun heula mandi, sanggeus sibeungeut leos kuring indit gasik leumpang gancang, ngadigdig muru kantor BODM hareupeun pasar. Sadatang-datang kuring hariweusweus tatanya ka mang Kentang nu keur nundutan, masih keneh tugur:

— Gorombolan teh dikamanakeun ayeuna, Mang? Hayang tetela heula yeuh, da bongan peuting mah mata teh geus balap bae jeung belek ²)

Mang Kentang anu keur peutingna kacida reueusna teh, harita mah teu sakumaha beragna. Eukeur mah eukeur, tunduh geus beuki nyelek kana mata, heuay geus teu bisa ditahan urut tugur sapeupeuting, ari harita asa hade gawe teu kapake. Ngajawabna oge semu anu teu barade bari heuay ngahadang kareta-api ka Cirebon ngaliwat:

— Dipulangkeun ka jamanna ³)

— Naha? Naha teu dibikeun ka pulisi bae Mang? Naha kalah ka dipulangkeun? Kumaha mun seug peuting daratang deui, jeung batur-baturna?

Kuring weleh teu ngarti, naon pangna nu matak gorombolan beunang hese-beleke nangkep tadi peuting, isuk-isuk keneh pisan

1) aplen: kendor pisan

2) belek: cileuh

3) jalan : lembur-asal, lemah-cai (Jatiwangi)

28