Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

geus dipulangkeun deui ka jamanna. Weleh teu ngarti mikiran wawanen para-pamuda lembur sorangan, tepi ka wani kikituanan. Hayang adu-lawung jeung gorombolan teh gembleng meureun, teu disebakeun hiji-hiji kawas harita.

Mang Kentang ngawalon, beuki teu berag bae:

-Lain gorombolan, tapi . . . . .

Can ge anggeus manehna nyarita, kuring geus megat manten, awahing ku hayang buru-buru nyaho kumaha jucungna carita:

-Lain gorombolan? Saha atuh? Kapan gorombolan ceuk Mang Kentang tadi peuting. . . . .

-Nu gelo, si Asim urang Beusi. . . . .

1957
 
29