Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

BULAN NGEMPUR

BULAN
 

AHIR-MINGGU kahiji ngempur di langit nu kabeneran lenglang. Bentang baranang di nu jauh di nu deukeut, ngajaga sang bulan, lir para pangawal raja kabaheulanakeun.

Walungan nu butek hareupeun bioskop Menteng ayem malidkeun sagala nu dikandungna ka hilir. Geus teu katenjo warna koneng atawa beureum, nu aya ngan ukur hideung, lantaran kabeh geus galey 1 jeung leutak. Tapi najan kitu, masih aya sipatna nu asli, seungitna nu ngadalingding mabek kana irung kaangin-angin.

Kuring harita keur ngadago mang Ondo nu ditalatahan mikeun surat ka hiji jalma di wewengkon eta. Eusi surat kuring teu nyaho, da puguh teu dibejaan jeungna deui cenah kuring teu kudu nyaho. Sabot ngadago pikiran kuring kumalayang ka mangsa-mangsa kuring aya di lembur, riung-mungpulung jeung saparakanca ti leuleutik.

Para pamuda ngaliwat jeung pasanganana ka hareupeun, tinggereyem nyarita lalaunan bari pakaleng leungeun. Nenjo batur bisa senang-senang leumpang paduduaan kitu, kuring jadi inget

1) galey:pabaur

30