ka nasib sorangan, nu can ngarasa tepi ka tahapan dinya. Kuring ngan bati beuki ngahuleng, inget ka jaman di lembur.
Keur jongjon-jongjon ngahuleng, lar aya mojang ngaliwat ka hareupeun. Lebah kuring pisan manehna eureun bari semu kaget, terus neuteup ka kuring. Kuring cengkat, malik neuteup ka manehna.
— Na saha kitu ieu mojang teh, bet neuteup kitu? ceuk kuring dina ati lantaran panon ngarasa peurih sanggeus rada lila neuteup bae cai nu ayem¹) palid.
Manehna terus beuki ngadeukeutan ka kuring, bari pok ngomong semu anu asa-asa:
— Ayat ieu teh?
Bari nanya kitu manehna imut, imut nu kacida endahna da luyu jeung bulan nu imut di langit.
— Ti mana manehna nyaho ngaran aing, sedeng karek ayeuna aing lunta ka dieu teh, kitu oge bane²) bae aya nu ngajak, ceuk kuring dina hate.
Jeroning mikir kitu teh kuring ngarenjag, lantaran teu nyangka tea. Tapi barang ku kuring diinget-inget bari diluyukeun jeung sora nu bareto kungsi sering kadenge, lian ti eta oge mata kuring geus bisa awas ka manehna, kuring ngomong, bari rada kaget:
— Isoh ieu teh?
— Sumuhun, walonna.
— Naha aya di dieu? kuring nanya deui lantaran kuring nyaho yen manehna teh sakola, tur harita lain usumna pere.
— Piknik sareng rerencangan.
— Tangtos sareng Elin, sareng Nani sagala nya? kuring nanya deui beuki wani bae.
— Sumuhun.
— Di marana ayeuna? kuring nanya terus hayang nyaho. Geus kacida pisan sonona ka parakanca, ka nu lenjang ka nu gandang. Geus beuki kacipta bae dina sawangan, Elin nu gendut
1) ayem = leuleuy, laun
2) bane = pedah (Jatiwangi)