Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

jeung Nani nu rangkoas keur sawala sual elmu ukur.

— Ah, naha bet teu ngabarejaan heula piknik teh? Upama ka dayeuh sejen mah kuma dinya teuing, tapi ieu mah ka dayeuh tempat aing sakola, abong mani teu ngabarejaan heula. Geus mariceun meureun ayeuna mah ka aing teh, ceuk pikir.

— Aya di pamondokan, walonna kana pananya kuring.

— Naha atuh Isoh aya di dieu?

— Nyeta duka atuh. Abdi teh padahal mah nembe ayeuna bae lunta ka Jakarta teh. Teu terang-terang acan Menteng ayana palebah mana.

— Dongkapna ka dieu?

— Tadi teh ti pamondokan ngawartosan bade ka jalan sakedap, bade meser dahareun. Na da teu karaos deui suku teh nyusul ka dieu. Eta rupina mah pedah aya Ayat.

— Ah, da Ayat oge nembe ayeuna pisan ka dieu wengi-wengi teh. Sasarina mah wayah kieu teh tos disimbut buni pisan, aya di alam pangimpian.

— Nyeta ari nasib kedah patepang mah nya tepang bae, cenah.

— Rupina, tembal kuring.

Bulan nu ngempur di langit ngetrek bae ngulon, tayohna mah tiriseun meureun, rek neangan tempat geusan nyiruruk sangkan henteu kabulusan teuing. Wawangen ti walungan nu butek¹) tea, masih tetap ngadalingding nebak irung, pon kitu bentang-bentang nu baranang masih keneh noyek, malah siga-siga nambahan. Para pamuda nu ngaliwat ka hareupeun ka gigireun, masih tetep kawas tadi, pakaleng leungeun bari ting gereyem lalaunan, lir nu sungkan pisan kadenge ku anu lian.

— Yat, masih emut kana lalakon kapungkur? manehna nanya.

Kuring asa digebah. Da puguh tadi oge keur jongjon bae ngahuleng inget ka mangsa keur aya di lembur, ari seug ayeuna bet ditanya kitu pisan. Tapi bari api-api teu inget, kuring malik nanya:

— Lalakon nu mana tea?

1) butek: kiruh

32