Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

— Ah, upama sadaya lalakon mah tangtos moal emut sadaya. Anu pentingna bae, cenah.

Nu disebut penting ku manehna tangtu lalakon mangsa kuring sok reureujeungan keneh jeung manehna. Ari inget ka alam harita, naha ieu hate mani asa disasaak! Naha bet ngadak-ngadak ngambang deui sagala katugenah ka batur kuring, nu unggul enggoning marebutkeun manehna, mojang nu ayeuna aya hareupeun?

KURING sanggeus sawatara lilana wawuh ka manehna, bet ngarasa yen kuring teh saenyana mah micinta manehna. Tapi kuring teu nyaho, yen batur kuring oge — sobat nu pangdalitna — micinta manehna. Kuring sabisa-bisa nyumputkeun rasa ati kuring ka manehna, sangkan batur teu nyarahoeun. Malah batur kuring nu pangdalitna tea oge teu nyahoeun, yen kuring micinta eta mojang teh. Sigana mah manehna oge kitu, sabisa-bisa nyumputkeun katineungna ka manehna. Kuring oge teu nyaho, yen ki silah teh mikahayang. Jadi ngan ku sabab pada-pada teu nyaho, kalawan rerencepan kuring jeung manehna masing-masing mikahayang eta mojang. Tepi ka peuting eta, basa Darsim — ngaran sobat kuring tea — ka kuring mihape surat, sarua jeung jalma nu mihape surat ka mang Ondo peuting ieu, keur manehna.

— Aduh, naha si Darsim teu nyahoeun kitu, yen aing micinta Isoh, tepi ka wani-wani mihape surat ka aing? ceuk pikir.

Demi pangna kuring nyaho yen Darsim mikahayang, lantaran eusi surat nu kudu dibikeun ku kudu dibikeun ku kuring dibaca heula samemehna, da tadina kuring mugen bae mun teu nyaho heula eusina mah.

Tangtu bae kuring heneg ka Darsim lantaran ieu teh, malah boa mah ngewa ka manehna, lantaran geus kumawani nyuratan jalma nu dipicinta. Tapi naha ieu teh ngan wungkul kasalahan Darsim bae kitu? Naha kuring teu milu salah dina hal ieu teh? Lantaran teu bebeja leuwih tiheula, yen kuring micinta Isoh? Padahal kuring teh sagulung-sagalang jeung Darsim, unggal poe babarengan. Tapi dina hirup-kumbuh sapopoena, boh kuring pon kitu Darsim, asana teh can kungsi aya nu kedal ucap nyebutkeun

33