Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

yen micinta Isoh. Najan sual-sual sejen mah beunang disebutkeun kuring jeung Darsim teh sarasiah. Ngan ieu hal bae nu teu kanyahoan ku salah saurang teh. Nepi ka peuting eta, basa Darsim mihape surat ka kuring — musuhna dina hal ieu mah — sangkan dibikeun ka Isoh.

Tapi kuring masih keneh boga pangharepan najan kitu ge. Muga-muga bae Isoh teu narima katineung Darsim. Muga-muga manehna leuwih katarik ku kuring manan ku sobat kuring. Ngan eta-etana pangharepan, nu masih keneh ngageleng remeng-remeng dina hate. Muga-muga bae enya kitu!

Kacida gumbirana Darsim barang maca surat balesan, yen maksudna geus kaharti. Sedeng cenah manehna keur mikir-mikir keneh kana sual eta mah, pikeun teu ngajaheutan hate Darsim ari rek disebutkeun can mikir-mikir acan mah meureun. Darsim bungah kacida, sagigireun kuring nu beuki sedih bae lantaran nenjo musuh tereh meunang kaunggulan. Naha Isoh pangna nyebutkeun rek mikir-mikir heula teh rek nimbang-nimbang heula antara kuring jeung Darsim kitu? Ah, mun seug Isoh narima Darsim, tada teuing ngarasa ancurna ieu hate kuring.

Kasalempang-kahariwang kuring ngabukti. Isoh leuwih beurat ka Darsim manan ka kuring, lantaran meureun manehna oge sarua bae teu nyaho yen kuring mikahayang teh. Da pangrasa teh mun nyahoeun mah, kuring bakal leuwih rea pangharepan. Tapi, salah saha ieu teh? Naha atuh kuring make teu ngedalkeun katineung kuring leuwih tiheula manan Darsim? Da mun seug leuwih tiheula mah, rarasaan teh kuring nu bakal unggul.

TAPI eta hal teh geus Iila kajadianana. Kuring ngejat ka Jakarta, lian ti rek neruskeun sakola teh, oge rek nyingkahan sangkan hate teu tambah raheut. Dina mangsa-mangsa eta raheut rek pulih deui sabihari, naha manehna bet ngadak-ngadak nangtung hareupeun? Sorangan bae? Ah, naha kuring kudu make inget kana lalakon nu geus kasorang, nu puguh ngan matak nyeri hate bae? Atawa, naha manehna make kudu nanyakeun lalakon kuring?

34