Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

— Lain ngan rek nganyenyeri mah kitu? ceuk hate.

Kuring ngan ukur imut, pon kitu deui manehna. Imut teh hiji-hijina jalan nu panghadena pikeun ngajawab sual kitu mah. Da puguh kuring jeung manehna geus pada-pada maphum, naon nu ku manehna dimaksud ku 'lalakon ka pungkur'.

— Darsim di mana ayeuna? kuring dadakan bae nyalegorkeun paguneman, da dituluykeun oge ngan matak nambahan raheut bae.

Manehna ngarenjag. Sawatara jongjonan mah ngabetem bae, teu daek nyarita barang sakemek. Tuluy ngeluk, lir nu keur mikir jero pisan.

— Ah,.....

— Ku naon? Di mana Darsim, mana tara aya serat-seratna acan? Berebey manehna bijil cipanon. Kacirina lantaran teu sakumaha lila antarana manehna nyusut panon ku saputangan.

— Nyeta atuh, .....

Kuring teu sabar:

— Ku naon?

— Darsim parantos nikah kamari ieu ka Emah,.........Manehna ceurik, nyeri hate mani asa digerihan meureun. Kasuat-suat ku beubeureuh nu ninggalkeun lunta balayar ka nusa-kabagjan. Leungeunna muntang kana punduk.

Kuring ngan olohok bae meunang sawatara jongjongan mah, nenjo petana kitu teh.

— Naha? Naha atuh teu beja-beja? Naha taya uleman-ulemanana acan? Sareng, naha atuh mana neungteuinganan teuing kitu? omong kuring.

Na aya ambek ka Darsim. Bareto ngarebut ti leungeun kuring, ari ayeuna sanggeus kuring miceun maneh sangkan hate teu nyeri teuing, Darsim nyieun peta kitu. Naha atuh bareto wani rerebut, ari ayeuna rek nyieun talajak kitu mah? Upama harita Darsim aya, geus bae geus, kuring teu bisa ngagambarkeun naon nu bakal kajadian.

— Sumuhun, tembalna, Jadi ayeuna tepang sareng Ayat teh bungah kacida.

— Bade naon kitu? kuring nanya.

35