Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Manehna balem deui, neuteup ka kuring, lir nu menta dipi-

kawelas bari neangari puntanganeun.

Rada hamham manehna carita:

— Ayat masih kersa nampi Isoh, nu kungsi nganyenyeri?

Kumaha bungahna hate ngadenge kekecapanana kitu geus lain gambarkeuneun. Ngan hate masih cangcaya, terus jeung atina atawa ngan ukur na biwir eta teh?

— Naha? Leres?

— Tada teuing isinna upama Isoh bohong, tur ka jalma nu kungsi dinyenyeri pisan.

— Ah, nya ieu meureun nu disebut asa hirup nimu deui dina paribasa teh, ceuk kuring dina hate.

Kuring teu kaduga ngawalon. Tapi teuteupan kuring geus cukup geusan ngajawab kana pananya pande kitu.

Barang kuring rek nyarita deui, bet kawas aya nu ngageroan:

— Ayat, Ayat.

Kuring ngarenjag. Ngalieuk ka lebah datangna eta sora, sarta saheulaanan mah poho ka mojang nu rambisak hareupeun.

— Hayu balik ah, cenah.

Barang kuring ngalieuk deui ka lebah mojang nu cikeneh pisan nangtung hareupeun, geus teu aya. Ka mana inditna? Kuring ngalieukan ka tukang ka gigir, tapi weleh teu kapanggih. Malah teu kalangkang-kalangkangna acan.

— Neangan naon? Hayu balik.

Astagah! Jadi kuring sakitu lilana teh tadi ngan ukur ngala- mun! Ngan ukur pikiran bae kumalayang kumacacang ka lem- bur, pedah di lembur aya mojang ngaran Isoh jeung sobat kuring nu ngaran Darsim, nu pada-pada mikahayang eta mojang? Na ngalamun teh bet nenemenan pisan!

Demi nu nyalukan tea mang Ondo anu tas nganteurkeun surat, nu eusina kuring henteu nyaho da puguh teu dibejaan jeungna deui cenah kuring mah teu kudu nyaho.

Bulan beuki ngagidig bae ka kulonkeun, rek neangan tempat geusan nyiruruk lantaran kabulusan diiring bentang-bentang nu

nampeu hareupeun masih keneh kaambeu ngadalingding seungit

56