Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

keur ratnawulan

HUJAN MUNGGARAN

AYAT!

KADENGE aya nu ngageroan kuring. Harita teh hujan keur sedeng ngagebret, hujan nu mimiti pisan turun sanggeus manglawas-lawas katiga ngabebetrak. Basa tadi kuring balik ti tukang cukur, karek batuk bae, tacan tepi ka ceurik kawas ayeuna. Tadi mah karek gelap bae pating beledag, ditema ku burinyayna kilat sesela teduh nu mindingan tawang. Tapi barang kuring keur leumpang gancang ngagidig satengah-lumpat, na ari bereyeg teh hujan, estuning teu disangka bakal sakitu rongkahna. Atuh kuring lumpat ayeuna mah, geus henteu ngan ukur satengah-lumpat bae. Teu merlukeun sumpang-simpang heula, da angkeuhan teh geus deukeut ka imah. Baseuh saeutik mah nya jamak bae, bonganna teu boga jas, ceuk pikir. Tapi nya harita pisan ku kuring kadenge aya nu nyalukan. Atuh reg bae kuring eureun heula, najan hujan ngagebret oge.

Sora nu kadenge teh tetela sora awewe, tur jigana mah geus kenal ka manehna atawa manehna geus kenal ka kuring, mana nyalukan oge. Barang dilieuk teh enya bae, sihoreng wawuh kuring ka manehna teh. Manehna katenjo keur ngalong tina jandela, nu katenjo ngan ukur semet dadana bae ka luhur. Manehna ngulang-ngulangkeun leungeunna sangkan kuring nyampeurkeun.

38