Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

tuluy kuring ngadeukeutan, pakean mah rancucut teu puguh patut.

— Aeh Sri. Iraha ti Bandung? kuring nanya sanggeus pajonghok. Manehna imut, tuluy nyarita:

— Ka lebet heula atuh, hujan.

— Ah teu sawios, baraseuh, walon kuring rada ngadegdeg kabulusan lantaran karek harita huhujanan deui.

Bareto mah basa kuring leutik, meh unggal bereyeg¹) hujan turun bae huhujanan teh, tepi ka aneh lamun pareng sakali mangsa turun hujan kuring teu huhujanan. Najan kolot ngawawadian oge, bisi gering tea bisi titeuleum tea — ari huhujanan bari ngebak di edam — hih, da resep atuh. Tapi geus sakitu taun anu kaliwat eta teh. Ayeuna mah, dina poean pisan anu munggaran kuring hujanneun, awak teh mani ngadegdeg kawas dalung katebak angin bae. Tiris pisan, beda pisan jeung bareto. Padahal mah kapan bareto cihujan, ayeuna cihujan keneh nu ninggang ka awak teh.

— Ku margi hujan diajak ka lebet oge. Da upami teu hujan mah Sri oge manawi nuju jalan-jalan di luar.

— Iraha ti Bandung? kuring nanya deui. Ari pangna kuring nanya kitu, lantaran manehna teh ayeuna mah geus jadi urang Bandung. Bareto mah — kurang-leuwih sataun nu geus kasorang — manehna teh masih keneh tunggal urang Jakarta, sakola bareng sakelas. Tapi tacan ge lila barengna sakola, manehna kaluar, pindah ka Bandung.

— Kamari ieu, dinten Ahad, walonna bari imut.

— Atuh paingan teu tepang, da Ayat harita teh ka Karawang, ka mang Acid. Emut keneh ka mang Acid, nu janggotan tea? kuring nanya ka manehna, sugan masih keneh ingeteun ka sobat nu ngaran Acid, anu tas dianjangan ka imahna, di Karawang.

— Tangtos bae emut mah. Tos kelas sabaraha ayeuna?

— Kelas dua, tembal kuring. Sri di mana sakola ayeuna? kuring nuluykeun ngomong, da asa kapalang nyarita ngan sapotong teh.

— Tetep keneh sakola mah, mung ngalih tempat bae. Ari kapungkur di Jakarta, ayeuna matuh di Bandung. Antos sakedap nya, omongna bari tuluy manehna asup ka jero. Kuring teu kaburu

1) bereyeg: breg.

39