Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

ngahulag — kuring geus nyaho tangtu manehna rek nyokot cai, da kitu kaumumanana di urang mah — sabab manehna kaburu asup manten. Atuh antukna mah itung-itung nungguan manehna kaluar deui, kuring ulak-ilik ka sakuliah eta rohangan, nenjoan papaes anu. pating talabing l) dina bilik — aeh dina tembok ketang.

Eta teh rohangan-tamu. Korsi nu aya di dinya mebel, tang bae lengkep jeung mejana. Di pojok beulah wetan sisi jandela deukeut manehna tadi nyalukan, aya pot kembang. Barang kuring arek gek diuk, mani asa haroream pisan. Inggis bisi dipaj keun ku batur ngompol, da rancucut tea. Kuring luak-lieuk ka di ka dieu, sugan aya korsi biasa keur pangdiukan, tapi weleh | manggih. Lian ti eta, ku manehna kuring dipaksa kudu diuk di korsi anu sakitu endahna pikeun kuring mah, da di imah sorang mah teu manggih anu kaya kitu teh. Atuh gek bae kuring mani diati-ati pisan, da bisi baseuh saluarna.

Teu sawatara lilana manehna kaluar deui, mawa cai jeung lala- wuhna. Sok ditunda dina meja, bari henteu weleh imut.

— Tiris manawi nya Yat, omongna.

— Kantenan, da nembe ayeuna huhujanan deui teh.

— Na kapungkur sok huhujanan kitu?

— Kapungkur, keur budak. Na panginten mah Sri oge sami bae omong kuring bari neuteup. Lah, eta panon. Lah eta beungeut, eta buuk, eta sagalana! Bareto kuring kungsi katarik ku manehna. Malah ari katarik mah tepi ka ayeuna oge masih keneh, da puguh tara lesot deui rasa nu kararitu teh ti kuring mah. Komo deui ayeuna, dina mangsa tepung deui sanggeus paturay sataun-taun parat 1). Kuring hayang boga pamajikan kawas manehna teh Hayang unggal poe sare bareng jeung manehna, hayang dahar unggal poe bareng jeung manehna. Tapi ari saenyana mah lam kuring mikahayang manehna teh taya bedana jeung anu ngaga musuh ngondang lawan. Sabab dihenteu-henteu oge geus tangtu manehna teh loba anu mikahayang. Lain ngan kuring jeung Acid bae, tapi rea deui anu lianna, geus lain wilang-wilangeun. Rea anu mikahayang manehna lantaran kageulisanana, rea anu micinta


1) talabing: nalabing, ngadingding, ngelir (Ji atiwangi).

2) Sataun-taun parat: sataun jeput; saparat jalan; sapanjang jalan (Jatiwangi).

40