Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

sabab keureutan-beungeutna, aya oge anu cinta lantaran nenjo bitisna anu saimbang jeung warugana anu lenggik narik ati. Kuring katarikna ku manehna teh lain ukur ku panonna, ku irungna, tapina ku sakabehna. Lain ngan ku buuk atawa sukuna bae, tapi ku kapinteranana, kageulisanana, keureutan-beungeutna, jeung lian-lianna. Kuring micinta manehna, lantaran manehna dipicinta ku kuring. Najan rea halangan oge, rea lawan jenuk satru, rarasaan kuring hamo eleh atah-atah ari enggoning marebutkeun manehna mah. Demi hasil atawa gagalna mah kuma engke, lain bagian kuring anu nangtukeun. Tapi memeh kuring jeung nu lian bisa ngalaksanakeun ieu kahayang, manehna kaburu ngejat ka Bandung. Taya bedana jeung Neng Eha dina ’Lain Eta’ lebah ngejatna mah, Neng Eha anu ngejat minggat ka Cianjur tea. Bedana teh ari Neng Eha mah ngejat ku sabab katohyan ngalampahkeun serong, ari Sri mah lantaran kolotna pindah ka Bandung.

Ari anu pangtetelana pisan mah sababna Sri ngejat pindah ka Bandung teh lantaran manehna kacida pisan ijideunana ka Sidik. Ari ku kituna tea mah pantes oge, da puguh Sidik teh ceuk barudak oge budak cunihin jeung teu uyahan anu pangpangna di kelas. Najan kuring oge sakapeung mah da teu panuju nenjo lampah Sidik teh. Eta da, sok sakama-kama pisan noelan raga barudak awewe teh. Ari noelan budak sejen mah kuma dinya teuing, kuring ge meureun mo sakumaha malirena. Tapi mungguhing noelan Sri mah, jalma anu ku kuring dipicinta, atuh ke heula. Malah kuring mah ku sabab micinta tea, nebuk pakeanana oge can ngalaman.

Meureun batur bakal nyebutkeun yen kuring teh leutik-burih, borangan. Aya roy hayang tapi bet eraan kitu. Keun bae, ku kuring diaku, da memang geus kitu sipat kuring mah, ari micinta jalma teh sok tara wani tual-toel kawas Sidik. Ulah bon noel, nyarita oge tara. Ari kabeneran boga pangabutuh, upamana bae rek nginjeum pamupus atawa patlot — saumur sakola di dinya kuring can ngalaman boga patlot atawa pamupus atawa garisan — tara ieuh togmol ka manehna. Eta da rarasaan teh letah bareurat pisan, mani kawas anu dibangbaluhan beusi bobot sarewu kati. Padahal kuring nyaho, yen nu boga eta barang teh manehna. Ari

41