Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

carana kuring nginjeum ka batur sabangkuna. Sarta ku sabab tetela manehna mah teu bogaeun, atawa meureun keur diinjeum ku batur, nya nu diinjeuman teh mangnginjeumkeun ka Sri.

Atuh ayeuna kuring bisa adu-hareupan jeung manehna teh ngarasa bungah pisan, asa kaurugan menyan-putih mun ceuk paribasa tea mah. Basa tadi di jalan kareta-api kuring nyaho yen anu nyalukan teh manehna, hate geus pinuh ku mangrupa-rupa kahayang, ku mangrupa-rupa kagumbiraan lantaran tangtu pibisaeun ngungkab eta kabeh. Tapi lian ti eta kagumbiraan jeung kanugrahan teh, kuring ngarasa teu senang saeutik lantaran bisi batur anu nangenan. Kumaha lamun seug batur anu bareto pada pada mikahayang, ayeuna nangenan kuring nepungan Sri? Kumaha mun seug hatena ngadak-ngadak muntab-muntab jeung napsupna ngagugudag kawas seuneu di Angke kamari ieu, lantaran nenjo jalma anu dipicinta disampeurkeun batur? Najan ari saenyana mah kuring boga alesan, yen datangna ka dinya teh lain kahayang niat sorangan, tapina dicalukan. Kapan geuning ceuk si lengser tea mah basana oge: 'Cunduk laku dipiutus, datang ngemban piwarangan, lain bet niat sorangan'. Barina oge kuring teu nyaho-nyaho acan manehna aya di Jakarta, da bareto geus pindah ka Bandung sarta lila teu tepung-tepung. Tapi ari teu tengtrem mah tetep bae, bisi kumaonam.

Na da ari geus adu-hareupan mah sagala kahayang jeung kagumbiraan anu tadi geus arajol-ajolan teh bet ngadak-ngadak laleungitan deui, teuing ka marana losna. Ngan kagumbiraan bae anu teu musna kabawa palid ku cihujan anu ngucur na awak teh, kagumbiraan lantaran tepung deui jeung jalma nu dipicinta sanggeus paturay sataun parat. Geus diniatan tadi mah rek nanyakeun sagalana, tapi sanggeus gek diuk dina korsi anu ngenyod empuk bet ngalelep deui. Di hayoh-hayoh sina mumbul deui ge kalah ka bosen dagdigdugna bae, hasil mah henteu. Bating, téu nongtot buntut-buntutna acan, mun enya tea mah kahayang teh aya buntutan. Atuh antukna mah biasa bae, ngawangkong anu teu puguh.

Hujan beuki lila beuki gede, dibarung ku pating-beledagna gelap heuay tina sesela teduh. Poe geus beuki reupreupan — kuring dicukur teh pasosore —, najan saenyana mah ti tadi oge barang bere-

42