Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

yeg hujan turun geus hese ngabedakeun antara poek jeung caang. Ngan karasa yen dunya geus nyerelek maju ka peuting, itung-itung mirig hujan anu maju ngagedean. Cihujan pating paralak kana kenteng, mabukan jandela anu geus ditutup-tutupkeun. Atuh awak anu ti tadi geus ngadegdeg kabulusan teh beuki angot bae, huntu munggah norontok, demi tuur nyorodcod bleg bae anu hujaneun di towangan¹) nu lieuk leuweung lieuk lamping, jauh kaditu ka dieu. Sangkilang harita kuring ngeunah-ngeunah diuk dina korsi empuk geus kaya kitu, atuh komo lamun harita aya di to-wangan, atawa aya di leuweung, atawa dina rakit kawas si Dirun dina 'Carita si Dirun' yasana bapa Samsudi mah.

Najan sakitu lilana kuring ngobrol, tetep bae maksud anu tadi rek dikedalkeun mah teu embol-embol acan. Cai mah geus saba-baraha gelas anu pupuntenan kana tikoro, jeung kuehna deuih, tapi didago-dago teh bet ambleng bae, taya nu pupuntenan kaluar. Kabeh ge ngan asup bae hayangna teh, abongkena hujan, taririseun meureun, euweuh anu pangangguran kaluar mah. Cai jeung kuweh arasup ting-bulubus ngaliwatan tikoro, tiisna hawa-nyecep neumbag sungsuam, jeung rea-rea deui. Tapi ari nu kaluar bet taya hiji-hiji acan, padahal anu dipikabutuh teh ngan hiji-hijina, omongan anu nyebutkeun yen kuring micinta manehna. Tapi bating, teu buntut-buntutna acan!

Sakali-kalieun manehna nanyakeun babaturan anu geus ditinggalkeun bada manehna pindah ka Bandung. Nya kitu deui, kuring oge sakali-kalieun nanyakeun, saha batur-batur na ayeuna di Bandung. Jeroning nanya kitu teh hate mah geus kebek ku timburu, da bisi — malah geus pasti — aya sobat-sobatna di Bandung anu mikahayang manehna, kawas bareto kuring jeung sawatara batur nu lian mikahayang manehna basa manehna masih keneh di Jakarta. Geus pasti manehna loba anu micinta, sahenteuna saruareana jeung anu micinta basa di Jakarta, lamun teu arek ngareaan oge. Ari kana ngurangan mah pimanaeun, da sejen karasana kana hate oge.

Ku kuring dicaritakeun naon-naon anu geus kajadian di Jakarta

1) towangan: jalan antara dua tempat nu ngabulungbung, kenca-katuhueunana taya imah atawa wawangunan sejen, ngan tatangkalan katut pasawahan bae (Jatiwangi).

43